Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Biantara Sunda Tentang Lingkungan


Contoh Biantara Sunda Tentang Lingkungan

Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Cinta Lingkungan Singkat​

1. Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Cinta Lingkungan Singkat​


Jawaban:

Jadikan jawaban terbaik yaaa

Semoga membantu


2. contoh mamanis basa panutup biantara tema kebersihan lingkungan basa sunda


Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola (....nama sekolah), sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat, sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh. 

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat walafiat. Amin 

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri urang sorangan. 


Dina salah sahiji hadits diterangkeun "Inna dhofatu minal iman" Nu hartosna, “Kabersihan teh sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. 

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. 

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan, nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana. 

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas. Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna. 

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. 

Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola. 

Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.


Wassalammu’alaikum Wr. Wb.


3. contoh biantara sunda temanya kesundaan


Assalamu’alaikum w. w. Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu. 
Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter. Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an. Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona. Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan. Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
wassalam wr.wb

4. contoh biantara basa sunda


Assàlamu’alaikum Wr.Wb Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn. Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah wassalàmmualaikum Wr. Wb

5. Contoh Biantara bahasa sunda​


Jawaban:

conto sago galak

Penjelasan:

bener gak

Jawaban:

conto sago galak

Penjelasan:

perkenalan aku orang sunda tapi tinggal di jawa walau begitu aku tetep tau bhs sunda sekian terimakasih intinya kalau mau tanya bhs sunda ke aku aja y

semoga membantu

maaf kalau salah

jadikan terbaik y

follow y


6. contoh biantara bahasa sunda?


ngajaga kaendahan lembur kerangka

7. contoh biantara bahasa sunda​


Jawaban:

Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb


8. CONTOH BIANTARA SUNDA TENTANG PENDIDIKAN


Assalamu’alaikum Wr. Wb.Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.    
 Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dipikacinta ku sim kuring.   
Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu. Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.     
Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Wajib Belajar Pendidikan Dasar “.     
Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan ku kayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu. Masarakat anu mampu mah geus tangtu bakal sakola kusabab ayana biaya. Iwal, seueur pisan masarakat Indonesia anu kirang mampu teu tiasa sakola kusabab teu aya biayana. Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa menangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu.     
Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakat Indonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakal kalindes ku kamajuan jaman.    
 Diharepkeun dina diayakeunna program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesia tiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan. Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masarakat, ti kawit pejabat dugi ka sadaya rahayat Indonesia. Ku kituna, urang sadaya kudu gawe bareng ngalaksanakeun program ieu sangkan menang hasil anu nyugemakeun.      Sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Hatur nuhun kanu sadaya perhatosannana.
Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayahWassalamu’alaikum Wr. Wb.

9. berikan contoh biantara basa sunda !


Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru pangajar anu dipihormat,Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempeldi kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjunganurang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mahti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nujadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahamanmun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasanenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi , ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sartangurangan tingkat kesuburan dina wanoja.Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gararoko, tong sampe urang jadi korban saterusna.Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.Wassalamualikum wr.wb

10. contoh biantara basa sunda tentang kebersihan


assalamualaikum wr.wb
puji sareng syukur hayu urang panjaeteun ka allah s.w.t , sholawat sareng salam hayu urang junjungkeun ka kanjeng nabi muhammad s.a.w
abi didie bade nyampeken biantara anu judulna " kabersihan "
sateacanna naon eta kabersihan teh ? kebersihan teh nyaeta suci tina sadaya kotoran , seperti dina hadis anu artina " Kabersihan sabagian tina iman "
mungkin lanjutan nya bisa di tambahin pke kata" sendiri

11. contoh biantara bahasa sunda tentang pahlawan


Assalamualaikum.wr.wb
Bapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng hadirin tamu uleman nu ku simkuring dipikahormat saderek sadaya ti kelas tilu sareng adi-adi kelas hiji anu ku simkuring dipikacinta.
Puji syukur urang sanggakeun ka tuhan nu maha esa anu geus ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa kumpul didieu dina kaayaan sehat walafiat.
Hadirin anu salinggih
Pikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-65 pendidikan anu tos aya salama ieu, hayu urang tingkatkeun pelajaran anu leuwih bermutu sareng pangajaran atawa pangarahan ti guru anu propesional sarta pangarahan sareng perhatian ti orang tua.
Hadirin anu salinggih
Slain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara uarang nyaeta negara nega indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.
Hadirin anu salinggih
Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudah-mudahan jeung samangat ’45 urang ngabangun nagara ku sifat anu sayang-menyayangi, saling ngahormatkeun , tolong-menolong, pikeun terjalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera.
Ku kituna hayu urang sukseskeun reformasi gelombang ka-2 pikeun terwujudna kahirupan berbangsa nu makin sejahtera, demokratis, sareng berkeadilan.
Hadirin anu salinggih
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.
Wasslamualaikim.wr.wb

12. contoh biantara sunda


Assalàmu’alaikum Wr. Wb.
Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.   
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar “.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.

13. contoh biantara bahasa sunda


Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..
Hadirin anu dipikahormat !

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah




14. contoh biantara bahasa sunda?


Contoh Biantara basa sunda " Kabersihan Sakola "
Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah
wassalàmmualaikum Wr. Wb

15. contoh biantara bahasa sunda​


Jawaban:

assalamualaikum wr. wb.

hamdan wasyukronillah amma ba'du

puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka alloh nu maha ghofur, sholawat wireh salm moga tetep ngalimpah ka baginda alam wireh na nabi muhammad saw.

nangtung na simkuring didieu bade neupikeun saalit tausyiah anu judul na ILMU.Ilmu nyaeta kawajiban jalma.

sakitu wae nu ki simkuring di tepikn

wassalam. wr. wb


Video Terkait


Posting Komentar untuk "Contoh Biantara Sunda Tentang Lingkungan"